Whatsapp-Button

Guyang jeung Buku

0

guyang jeung buku

 

Poé ahad, sakola peré. Biasana, lamun keur nyalsé uing jeung wadia balad di Komunitas Ngéjah sok ngayakeun acara nu dingaranan wisata literasi. Nyaéta hiji acara ulin jeung barudak laleutik, ka kebon téh nu jarakna kira-kira aya dua atawa tilu km ti saung. Sanggeus nepi ka kebon téh, gerwé sok diajar maca sajak atawa ngadongéng. Barudak utamanamah alo-alo uing, sok nagih lamun éta acara geus lila teu dilaksanakeun. Poé ahad ayeunamah éta acara ngahaja diperékeun. Ongkoh barudak anu datang ka saungna ogé poé ieumah teu pati loba. Nu keur arulin di saung teruswé digeroan, diajak GUYANG BUKU. Buku-buku anyar nu aya di kamar dikaluarkeun. Sawaréh barudak diarahkeun sena nyoéhan plastik bungkus buku. Sawaréh deui diarahkeun ngaguntingan labél nu ék ditémpélkeun kana buku. Ari nu ngodeuannamah kabeneran aya budak SMK nu keur prakerin. Ampir unggal ngalabélan buku-buku anyar, uing sok ngahaja ngajak barudak laleutik utamana alo-alo uing. Sakapeungmah lamun keur GUYANG JEUNG BUKU, alo-alo uing sok kerung nyidik-nyidik bandrol buku. Malah maranéhna sok katingali siga nu reuwas, ningali harga buku aya nu nepika ngaratus rebu. Lamun kabeneran nanyakeun, ku uing sok dijelaskeun kunaon buku hargana mahal tapi angger kudu dibeuli, sabab dina jero buku aya elmu pangaweruh anu kacida mangpaatna lamun dibaca tur dilenyepan. Sajaba ti éta pan heueuh méméh jadi tulisan éta pangarang ngabutuhkeun waktu anu bisa mangtaun-taun keur nuliskeun sari pati pangalamana atawa hasil panalungtikanana. Ngaluarkeun tanaga, meres pikiran katut biaya keur nuliskeun pangalaman atawa hasil panalungtikanana. Sedengkeun nu maca, ngan saukur ngaluarkeun puluhan rebu atawa ratus rebu, terus ngadekul sajam dua jam, beh dituna saminggu dua minggu keur neueleuman elmu nu aya dina jero buku. Malah lamun macana di TBM atawa perpusmah, pan teu kudu ngaluarkeun duit ieuh. Teu kudu meuli. Tinggal datang, milih buku terus ngadekul ngadon maca buku.

Pan heueuh, lamun urang rék percaya kana téori tabu larasa anu loba dipangaruhan ku pamikiran John Locke, salahsaurang tokoh utama pendekatan émpirisme ti Inggris, yén gubragna manusa ka alam dunyatéh lir ibarat ketas bodas. Polos tur beresih. Bakal siga kumaha  éta budak, boh sikepna atawa pamikiranana, kumaha lingkungan anu aya di sabudeureunana. Atuh ceuk ajengan ogé, mun uing teu salah déngé, lamun gaul jeung tukang minyak seungit bakal kabawa seungit, lamun gaul jeung panay bakal kacéprétan kemang seuneu. Suganwé atuh ari budak gaul jeung bukumah bakal jiga buku. Eh maksudtéh lain siga buku kétang, tapi jadi daek maca. Ari diajak guyang jeung bukumah, terus dijelaskeun kumaha mangpaatna buku, pirakuwe barudak teu beuki mikanyaah kana buku. NTA

 

Post a Comment

0Comments
Post a Comment (0)

Hello!

Klik salah satu perwakilan kami di bawah untuk mengobrol di WhatsApp atau mengirim email kepada kami gerimisculamega@yahoo.co.id

Admin1 Komunitas Ngejah
+6282216084103
Admin2 Calon Desain
6281585398339
Call us to +6281585398339 from 0:00hs a 24:00hs
Halo! Apa yang bisa saya lakukan untuk Anda?
×
Apa yang bisa saya bantu?